Katineung Hamo Teuleum Kakeueum

Lain teu hayang mawa loba, ukur tilu lambar papan nu panjangna dua mèter satengahan. Teu pira sabenerna mah, ongkoh papan kai randu, tapi karasana beurat kacida sabab dibawana ti deukeuteun beungeut cai walungan tuluy dipanggul bari nanjak nètè rèbuan tangga.

Kèsang ngagarajag, basa nepi satengaheun tanjakan. Reg sakeudeung, narik ambekan. Ngècagkeun nu dipanggul. Rèt ka luhur, jauh kènèh. Rèt ka handap, lungkawing. Bubuhan geus biasa, jadi teu ieuh boga kainggis.

“Hey …!” ceuk nu ngagero ti luhur bari nunjuk ka kuring.

Teg, nepi ka luhur pasti dicarèkan. Deuh!

Gap, papan. Regeyeng, dipanggul deui. Beuki lila beuki luhur, bitis karasa beuki beurat dilèngkahkeun. Taktak mah geus puguheun nahan beuratna papan nu asa robah lir kai golondongan.

Anjog ka luhur, manèhna nyampeurkeun. Pok nyarita,
“Kamu …, tidak bagus!” molototan bari kokoronyoh makè basana.
“Maaf, Mister,” nèmbalan disela ambekan nu ngahègak.
“Cao ni ma!” cenah. Laju ngalèos.

Asa nyeri hatè, mun geus dikitukeun tèh. Enya ogè teu nyaho naon hartina èta omongan. Nu puguh mah, meureun mangrupa ungkara kaambek jeung kakeuheul manéhna jeung batur sabangsana, apal sotèh tina cara jeung pasemon waktu ngomongna. Bangun nu ceuceub.

“Kunaon Si Yè, makè jeung popolotot kitu?” tanya Mang Caryam.
“Biasa, Mang … Baèlah, antepkeun!”
“Leuheung ukur dipolototan, uing mah kamari ampir-ampiran, tah!” Caryadi nu keur nyabutan paku, mairan.
“Tènjrag sakali-kali mah, tuman!” ceuk Si Lontok bari ngalungkeun papan kana tumpukan.
“Can parna, tapi mun geus kamalinaan mah, kakara kumaha engkè.” Kuring nèmbal bari memener papan nu patingsolèngkrah.

“Hey! Kamu, bawah!” Mister Yè geus buncelik deui bari nunjuk ka landeuh. Nitah nuluykeun nyokot papan deui maksudna mah meureun.
“Anjrit, tèh!” Kuring kukulutus bari ngoloyong mudun.

Geus saminggu, gawè tèh ukur dititah ngakutan papan. Meni hayang jiga batur, digawè bagèan nyabutan paku, ngeunah diuk sok sanajan bari mentrang. Mun henteu, ngilu masang rangka pipa stèger dina gawir, diladènan batur najan enya kaitung bahaya. Atawa milu ngecor sakalian, teu masalah bolokot ku adukan semèn saawak-awak ogé. Kaharti. Meunang lemburan.

Jam dua belas, waktuna reureuh. Asa ngemplong rarasaan. Rombongan pagawè Cina geus mimiti naraèk kana mobil jemputan. Ukur Mister Chèn, Mister Wu, jeung Mister Pang nu teu ngilu, maranèhna keur kagok nganggeuskeun masang papan, alatan jam dua rèk tuluy dicor.

“Chèn, makan!” Mang Caryam nawaran.
“Terimakasih, nasi tidak panjang.” cenah. Nu aya di dinya kabèh sareuri. Kagugu.

“Tidak banyak, kituh! Panjang mah kieu, tah!” Mang Caryam pepeta, ngaanggangkeun dua leungeunna.
“Iya, iya …, nasi tidak banyak.” Mister Chèn mairan bari ngahèhè.
“Pisang atuh, nyah? Yeuh!” Mang Caryam nyodorkeun kèrèsèk.

Teu lila, datang mobil, nganteuran kadaharan keur pagawè urang Cina nu rèk gawè lembur. Mister Chèn atoh, laju muru. Balikna deui téh rèbo ku babawaan, ngajingjing kèrèsèk kénca-katuhu.

“Makan …!” Manéhna mikeun sabungkus.

Di antara pagawè Cina nu sagulung-sagalang sapopoè, ukur manèhna nu dianggep pangbageurna. Tara loba omong, komo loba parèntah mah. Katambah, nu pangbabarina diajar basa. Teu pati loba salah ‘komunikasi’. Nu matak , loba nu resepeun. Bèda ari ka Si Mister Yè mah, keur pèdèkrèk tèh goréng pisan adat.

Heueuh ari kituna mah, gawè di lapangan, proyèk tèa kasebutna, Keur mah mentrang katambah bèda basa, matak salah tarima. Ahirna, teu jarang salah harti anu dipungkas ku émosi .

Mèmang sok hayang seuri, jadi ngadadak kawas jelema pireu, ngomong ukur ku pepeta. Pagawè Cina, nyarahona kecap bagus jeung tidak bagus, panjang jeung tidak panjang. Kecap panjang ogè, jadi salah dina ngalarapkeunana. Remen dipakè anu maksudna keur pasualan ngeunaan jumlah (loba atawa saeutik), loba duit jadi uang panjang, loba dahar jadi makan panjang, jeung sajabana. Atawa dipakè keur anu pakuat-pakait jeung urusan waktu (lila atawa sakeudeung). Gawe lembur/lila jadi Kerja panjang, balik sakeudeung jadina pulang tidak panjang. Tungtungna mah mangrupa hal anu dimaklum. Tah nu pang pikasebeleunana mah kecap ‘cao ni ma’, nu kaluar waktu maranèhna boga kakeuheul.

Sanggeus dalahar di jero torowongan, aya waktu pikeun sarè najan ukur sajam. Lumayan, sugan tanaga bisa pulih deui.

Gurudug, jam satengah dua rombongan pagawè Cina datang deui. Ngagugubrag nitah hudang bari hahaok.
“Bangun …! Bangun …!” cenah.

Caryadi hudang, rèt kana hapè. Laju, nguniang.
“Jam sabaraha ieu, tèh?” Ngomongna teugeug bari mèrè isarah, tutunjuk ka lebah leungeun kènca jiga nu nuduhkeun èrloji. Ambèk jigana mah, keur ngeunah sarè dihudangkeun, bari jeung kudu gawè acan dina waktuna.

“Kamu tidak bagus. Pulang!” Mister Yè males molotot.
“Kèhèd, tèh!” Kerewek, Caryadi ngajèwang kerah baju Mister Yé.
“Caoni ma!” Mister Yè nyentak bari ngabeubeutkeun hèlemna.

Jung, kabèh narangtung. Rob, ngadeukeutan. Mister Yè disedekkeun ku Si Caryadi kana tèmbok torowongan, laju ditingker. Duanana pating koronyoh, makè basa anu bèda. Kuring nahan piseurieun. Nu hiji ka kalèr, nu hiji ka kidul. Sabenerna mah, harita tèh rada ketir. Geus yakin bakal ribut rongkah.

“Sudah …! Sudah …!” Mister Chèn misah. Tuluy nitah Mister Yè balik harita kènèh.

Kabèhanana ukur nurut. Caryadi diuk, ngahègak nahan amarah. Kang Warsa nyampeurkeun, mèrè cai sabotol bari ngabeberah. Caryam, milu ambek kapegung. Si Lontok gegeredog najongan kai. Si Ulè pating kecewis jeung Kang Adè. Sedengkeun kuring ukur ngajanteng, nempokeun.

Teu sawatara lila, datang Mister Lee bagèan staf. Narima laporan ti anak buahna, cenah aya ‘insidèn’. Mister Chèn nu ngajelaskeun. Ahirna kabèh digarawè deui.

TiNewss.com

Berita Terkini Tentang Sumedang, Berimbang Mengabarkan.

TiNewss Chanel

Chanel Youtube dari TiNewss untuk Informasi, Berita dan Hiburan. Silakan Subscribe, agar Anda tidak ketinggalan Informasinya.

Hiji poé, kabeneran hujan ayeg-ayegan ti peuting kénéh nepi ka subuhna. Rèk indit gawè mandeg mayong. Mikir ku jalanna. Kabayang pisakumaheun bolokot jeung ledokna jalan nu bakal diliwatan. Motor gè teuing nepi teuing henteu. Rèt ka budak, nu keur sarè kènèh. Ujug-ujug sumanget. Laju tatan-tatan miang.

Enyaan, datang ka tempat gawè beunang hèsè capè. Rada elat, jam tujuh leuwih sapuluh. Teu lila jul-jol babaturan. Sarua pada ngaromongkeun masalah hèsèna hayang bisa nepi. Samalah Si Ulè mah, ngalaman labuh sagala.

Ukur patinglaliud, euweuh nu ngahiap cara biasana. Pagawè Cina geus ngahanca gawèna sèwang-sèwangan. Kurunyung, Mister Yè nyampeurkeun. Pok nyarita,
“Kamu pulang! Ini panjang.” nuduhkeun èrloji.
“Nyaho aing gè, telat! Sing ngamaklum wè atuh sia, tèh!” Si Lontok mimiti naèk amarahna.
“Jadikeun! Meni kamalinaan teuing asana, tèh.” Si Agus ngomporan.

Nempo kitu, Mister Yè undur-unduran. Laju malik, tuluy ngabecir. Teu ngadagoan diparèntah, ampir kabèh ngarudag. Badis moro bedul. Mister Yè lumpat muru mobil. Hadèna supir nu sabangsa jeung manèhna rikat ngahirupan, laju ngadius ninggalkeun. Nyamos!

Breg, karumpul. Kabèhanana boga niat seja dèmo ngadatangan kantor. Sapuk. Bring, ngaleut bari ngagaur-gaur motor. Ampir aya kana lima puluhna pagawè lokal nu harita arindit. Kabeneran wé, teu loba nu asup gawé. Cacakan mun arasup, geus pasti leuwih ramé nu muru ka kantor téh.

Anjog ka palataran kantor, sora motor beuki ngahajakeun digebér-gebér. Katingali pangeusi kantorna rareuwaseun. Rada lila can aya nu manggihan, aya kasieun jeung geumpeur meureunan. Ngadèngè bèja mah, poè harita kabeneran penerjemahna teu hadir deuih. Mister Lee salaku pingpinan staf, ahirna ngadatangan bari jeung dikawal ku Satpam. Laju nyarita makè basa nu teu kahartieun ku para pagawèna. Nu dèmo beuki arambek, malah sawarèh mah aya nu geus mimiti mancing kaributan ku cara ngeundeuk-ngeundeuk plang di hareupeun kantor.

Yakin buntu. Teu nyambung. Ngarasa hayang jadi panengah, kuring maju nyampeurkeun Mister Lee.

“Can you speak English?”
“Yes, I can.”
“The problem is, we were late for coming here. And Mister Yè has ordered us to go back home. We lated because of the bad street condition. You know, we used to be on time. But today, heavy rain make us like this.”
Mister Lee unggut-unggutan. Laju manèhna nangtukeun kaputusan. Keukeuh bisa gawè cenah, tapi teu meunang istirahat nepi ka jam dua, bari jeung diitung satengah poè. Wajar, meureunan. Bubuhan harita tèh, geus ampir jam salapan.

Kabèh ahirna narima, teu lila bubar. Mèmèh kuring indit, Mister Lee ngageroan tuluy ngajak asup ka rohangan manèhna.
“Who are you?” neuteup kuring bari ngajak sasalaman.

Ahirna paguneman, teu euleum-euleum manèhna muji-muji. “You are the hero!” cenah. Dina èta kasempetan sajaba narima panuhun ti manèhna, kuring ogè itung-itung ngawakilan nepikeun naon anu jadi masalah jeung kahayang batur sapagawèan. Pangpangna mah masalah sikepna Mister Yè. Mister Lee jangji, bakal ngangkir jinisna bari rèk diamanatan cenah. Sanggeus ngarasa euweuh deui nu rèk ditepikeun, kuring amitan. Asa meunang pangajèn, basa kaluar kantor dijajap ku Mister Lee nepi ka buruan.

Isukna kuring datang ka tempat gawè, dibagèa ku babaturan jeung ku pagawè Cina bari dikeprokan. Asa reueus sorangan. Nya ti poè harita, nu ngaran Mister Yè robah adatna. Tara loba haok polotot deui.

Sabulan ti saprak kajadian èta, kuring ngundurkeun diri. Alatan boga niat meuntas deui ka Sumatra.

Belenyèh, kuring imut sorangan. Geuning kari waasna. Asa ngimpi, nincak deui wèwèngkon Jatigedè nu ayeuna geus ngajadi. Lir sagara, caina mayakpak. Teu kabayang ti anggalna, mun seug kitu pibakaleunana. Di sababaraha tempat sisieunana diwangun, dijadikeun jugjugan wisata.

Emh, baheula kuring kungsi ngalaman milu ngucurkeun kèsang dina ngawujudkeun jadina ieu bendungan. Aya ati nu kaseuit ku lalakon bihari, jorojoy sono ka batur sapagawèan harita.

Ulè, manèh geus kawin meureunan ayeuna mah, nya? Emh, Si Bungsu! Tanyakeun ka Si Agus, nepi ka lunas teu, nyicilan motorna? Kumaha geuning, cara nalikeun kawat makè palu, tèh? Duhh ….

Mang Caryam, abdi sono. Inget, mindeng dibahanan cau jeung buah simanalagih. Masih nambaan nu dipacok oray, Mang? Nineung, sok kabagèan roko pamèrè nu mènta ubar, tuluy ngawadul bari ngepluk udud jeroeun torowogan nu can anggeus. Sambung dunga, mugi sehat. Manawi énjing-pagèto urang tiasa pendak deui.

Hahaa …, Caryadi. Lain tonjok atuh harita tèh, euy! Aéh, kumaha … Ayeuna mah geus adian meureunan budak nu harita tèh, nya? Èta calana, beubeuran deui ku rapia! Ah, manèh mah ….

Hadeuh, Si Lontok! Hèbat lah. Salut uingah ka èntè, tèh. Barangasan, tapi hatè mah bageur. Perèman ingsap! Nuhun pisan, kungsi nulungan basa ampir labuh di sisi jungkrang. Cageur, Lur? Di mana ayeuna?

Kang Adè. Hatur nuhun piwejangna. Nampi iber saurna ngiring damel di Saudi? Masih kènèh, Kang?

Ieu yeuh, Ki Lanceuk. Kang Warsa. Salam baktos, Kang. Sono, iraha urang ngawangkong sareng ngopi deui, nya? Ngadon kakawihan, basa reureuh . Laguna Koes Ploes, Kang!

Halow, Mister Yè! Ni hao ma?
Mister Chèn, kamu jadi punya istri orang Indonesia? Waas, basa ngecor…, “Vibrator tidak bagus! Uang tidak panjang!” Tuluy dibabetkeun. Kagugu.

Hmmm, Mister Lee … Nongtorèng kènèh, ngomong thank you sababaraha kali bari tirengkuh-rengkuh. “Xiè, Xiè, Mister …

Meni hayang ngalaman, hiji mangsa urang bisa babarengan di dieu, neuteup tohagana Bendungan Jati Gedè, ngabagi carita mangsa harita. Emh, bati rambisak. ****

Terima Kasih Untuk Berbagi
  • 32
  •  
  •  
  •  
  •  
  •  
    32
    Shares
  • 32
    Shares

1 thought on “Katineung Hamo Teuleum Kakeueum

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *